Wanci harita dina poe anu bengras
Girimis datang marengan hate nu melang
Aya beja datang nu mawa hariwang
Cenah babaturan mulang
Teu puguh rasa hate ngarasa nalangsa
Asa teu percaya tapi kieu nyata
Kedah kumaha da tos jadi takdirna
Ukur du’a ka Allah anu kawasa
Reff:
Duh baluas
Diri ngarasa tunggara
Di tinggalkeun ku babaturan
Nu tos lami barengan
Baluas
Hate ngarasa nalangsa
Ningali potret aranjeuna
Nu ayeuna ukur tinggal carita
Gusti
Tampi babaturan abi
Mugia khusnul khotimah
Langgeung sadayana di syurga